Sabtu, 21 September 2013

kabudayaan urang sunda



"KASENIAN REOG"
Kasenian reog sunda teh mangrupa kasenian anu geus mulai punah, kusabab ayeuna mah geus rea anu mohokeun kana tradisi sorangan, utamana mah nya urang sunda lamun lain ku urang ssunda deui saha anu rek ngamumule budaya sunda?. Piraku budaya sunda jadi punah, atuh keur naon jadi urang sunda ari teu daek miara kana budayana sorangan. Tah didieu simkuring bade ngajelaskeun hiji kasenian sunda anu disebut Reog.
kasenian reog ieu geus aya saprak jaman Walisongo. Ari misina lain ti ngahibur panonton, oge diselapan ku misi-misi ukhuwah jeung syi’ar islam. Ieu seni pintonan kacida dinamisna, bisa komunikatif langsung, tur sipatna persuasip, dina harti bisa mangaruhan sikep jeung pandangan hirup masarakat.kalayan sumebarnana, wangun reog pamustunganana nyokot bentukna luyu kaayaan wewengkon séwang-séwangan.
Sajalan jeung sumebarna Agama Islam ditatar Sunda, tumuwuhna pasantren-pasantren. Teu saeutik santri-santri seniman nu ngagarap seni tabeuh nu sarumpun jeung ogel/reog, tapi leuwih ka arab-araban, kayaning rebana, terebang. Maksudna pikeun mirig lagu-lagu pupujian ka Allah SWT, jeung ka kanjeng Nabi Muhammad SAW. Ka beh dieunekeun aya gembyung, kasidahan, malah dikolaborasikeun jeung alat musik lianna, saperti hitar, kibor jeung sajabana. Terebang, rebana, gembyung jeung nu sejenna, mimitina mah digelarna ngan di kalangan pasantren (introvert). Saluarkeun pasantren mah, seni ogel/reog.
Seni reog kaasup kasenian keur upacara, di daerah-daerah sunda upacara ieu teh kauger ku aturan atawa tetekon anu maneuh, meh-mehan teu aya kamekaranana. Aturana  dina tabeuh, rigig, jeung baju nu dipakena.dina seni reog, para seniman leuwih motekar, bisa ngalakukeun improvisasi, boh tatabeuhan, rigig, kakawihan, paguneman, boh baju nu dipakena
            Hiji grup reog diwangun ti 4 pamaén anu unggal pamaen dog dog atawa kendang Sunda dina ukuran anu béda. Dua ti opat urang pamaén jadi  minangka dalang sarta wawakil dalang. Samantara dua séjénna minangka pembantu dalang.
            seniman reog kalayan babasan kritik sosial dina kemasan guyon ieu teu antaparah ngondang pikaseurieun sarta jadi hiburan pangsoranganna pikeun ratusan warga anu nyaksian.
Di nu hajat/kariaaan, lamun teu nanggep wayang, pasti nanggep seni reog geus jadi kameumeut masarakat, buktina dina babasaangeus jadi kacapangan aya ungkara-ungkar basa nu dipake sapopoe tina kecap reog, saperti: ‘dogdog pangrewong’, ‘kawas bodor reog’, ‘sareundeuk saigel’. ‘bengkung ngariung bongkok ngaronyok’, ‘ samping dogdog’ (samping poleng nu teu disambung di tengahna), ‘cul dogdog tinggal igel’, jeung sajabana
Ti taun 70-an, pintonan seni reog beuki ngurangan. Nincak taun 90-an, meh sirna pisan, iwal di sababaraha panggung 17 Agustusan, anu pintonana oge amatiran. Ieu teh balukar ayana pangaruh infiltrasi budaya luar, nu kacida mangaruhan kalangan rumaja. Di tambah deui, aya kawijakan pamarentah dina widang pangajaran di sakola. Di mana basa daerah (Sunda)  jeung kasenian, ngan sakedar muatan lokal. Atuh media citak jeung elektronik meh-mehan teu malire kana kasenian tradisional, kaleled ku kapentingan nu sipatna komersial. Masarakat Sunda indi-visual, kitu deui komunikasi geus heurin ku letah upama nyarita ku basa indung (basa Sunda). Kumaha nasib asenian tradisi pikahareupeunana, upama nyarita ku basana sorangan oge teu bisa. Pon kitu deui nu lalajo, moal resepeun da heunteu ngartieun kana basa gunemanana. Duka upama jaga, reog atawa tembang sunda, make basa Nasional atawa basa deungeun. Siganabae kudu aya paradigma anyar dina pintonan kasenian urang Sunda. Sabada padungdengan, akhirna dina taun 2003 geus ngawujud wadah paguyuban nu katelah PASER (Paguyuban Seni Reog) sa-Jawa Barat.
Tah, geningan urang teh baroraah apal kana budaya urang sunda ari teu daek nyaho, teu daek bisa, teu daek miara. Syukur mah urang teh geus di bere kabudayaan anu sakituning endahna ti Gusti nu maha Kawasa teh. Tapi anu dititipkeun teh geuning teu di piara ku urang. Yu atuh urang teh kudu daek apal kana budaya sunda nepi kajero-jerona.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar